Apa saja unsur unsur sajak bahasa sunda
Bahasa lain
sitiraeni30
Pertanyaan
Apa saja unsur unsur sajak bahasa sunda
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Sajak mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu henteu kauger ku aturan. Dina sawatara puisi Sunda aya puisi anu kauger ku aturan, nyaeta saperti guguritan jeung wawacan anu kauger ku aturan pupuh. Aturan anu aya dina pupuh sok disebut guru wilangan jeung guru lagu. Jadi, sajak henteu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu.
Sanajan sajak henteu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu, dina rumpaka sajak aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun dijadikeun panduan boh dina waktu nyieun sajak boh dina waktu nilik atawa nganalisa eusi rumpaka sajak. Aya dua rupa unsur dina rumpaka sajak, nyaeta unsur lahiriah jeung unsur batiniah rumpaka sajak.
Unsur lahiriah rumpaka sajak nyaeta unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngandung wirahma, murwakanti jeung gaya basa. Sedengkeun anu aya dina unsur batiniah rumpaka sajak nyaaeta unsur-unsur tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat.