B. Daerah

Pertanyaan

Contoh guguritan patokanana pupuh kinanti 6 bait

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Guguritan nyaeta karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti guguritan, mantra, sisindiran, sajak, jeung pupujian.

    Umpama ditilik tina wangun rumpakana, aya puisi Sunda anu kaiket ku aturan jeung puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu teu kaiket ku aturan nyaeta saperti sajak, mantra jeung pupujian. Guguritan jeung wawacan kaiket ku aturan pantun, Aya 17 rupa aturan pantun anu dibagi jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit.

    Dina Sekar Agueng aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Salahsahiji rupa pupuh anu aya dina Sekar Ageung nyaeta pupuh Kinanti. Dina nepikeunnana pupuh biasana dihaleuangkeun ku ngagunakeun sawatara rupa tembang. Kusabab kitu, pupuh sok disebut oge tembang. Guguritan biasa ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Ageung atawa Sekar Alit. Sedengkeun wawacan biasa ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Ageung wungkul.

    Guru wilangan jeung guru lagu pupuh Kinanti nyaeta 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i. Karakteristik atawa watek nu biasa aya dina pupuh Kinanti nyaeta ngagambarkeun rasa nungguan, deudeupeun atawa rasa kanyaah. Sanajan unggal pupuh miboga watek anu geus tangtu, saperto oge pupuh Kinanti, tapi dina praktekna aya oge pupuh anu henteu saluyu jeung watekna, saperti pupuh Kinanti "Budak Leutik Bisa Ngapung" anu henteu saluyu jeung watekna.

    Di handap ieu conto sapada (sabait) guguritan anu ngagunakeun patokan pupuh Kinanti anu saluyu jeung watek atawa karakteristikna. Salian ti eta di handap oge nyaeta conto guguritan (lima pada) anu ngagunakeun patokan pupuh Kinanti anu henteu saluyu jeung watekna :

    1. Conto Guguritan pupuh Kinanti anu saluyu jeung watekna

    Kuring guligah keur nunggu (8-u)
    datangna kakasih ati (8-i)
    nu lila teu cacarita (8-a)
    kunaon can nepi-nepi (8-i)
    waktu teh karasa lila (8-a)
    nu ditunggu acan nepi (8-i)

    2. Conto Guguritan pupuh Kinanti anu temana ngaran bungbuahan

    Loba anu resep kadu 8-u
    jeung rambutan anu amis 8-i
    kitu oge kana salak 8-a
    komo mun salak nu amis 8-i
    kadongdong mah keur dirujak 8-a
    dicampur ku jambu amis 8-i

    3. Conto Guguritan pupuh Kinanti anu temana ngaran barang nu aya dikelas

    Keur diuk sok perlu bangku 8-u
    buku pikeun urang nulis 8-i
    keur nulis ge perlu meja 8-a
    jidar pikeun nyieun garis 8-i
    barang nu aya di kelas 8-a
    pek diatur sing tarapti 8-i

    4. Conto Guguritan pupuh Kinanti anu temana ngaran gunung di Indonesia

    Di Sunda aya Galunggung 8-u
    di Jawa aya Merapi 8-i
    Gunung ngaran kadaharan 8-a
    gunung Salak jeung Ciremai 8-i
    Sulawesi Gamalama 8-a
    Sumatera mah Kerinci 8-i

    5. Conto Guguritan pupuh Kinanti anu temana ngaran daerah Bandung

    Mimiti ti Buah Batu 8-u,
    jalan jalan ka Kosambi 8-i,
    diteruskeun ka Cicadas 8-a,
    jleng naek ka Cipaganti 8-i,
    turunna ka Cihampelas 8-a,
    istirahat di Cilaki 8-i.

    6. Conto Guguritan pupuh Kinanti anu eusina dina sapada nyaeta ngaran sato, tutuwuhan, kembang, jalma, warna, jeung bagen tina awak

    Munding pikeun ngawuluku (8-u),
    Tatangkalan nu dipipir (8-i),
    Malati lambangna cinta (8-a),
    Raja Sunda Siliwangi (8-i),
    Beureum hiji rupa warna (8-a),
    Sirah pikeun urang mikir (8-i).

Pertanyaan Lainnya