Jieun kalimah ti paribasa ieu 1.lodong kosong ngelentrung 2.mopo memeh nanggung 3.ngarep ngarep kalangkang heulang
Pertanyaan
1.lodong kosong ngelentrung
2.mopo memeh nanggung
3.ngarep ngarep kalangkang heulang
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu perlu diperhatikeun dina nyieun kalimah tina paribasa Sunda nyaeta perlu mikawanoh harti paribasa nu digunakeun jeung ragam basa Sunda sacara merenah. Paribasa nyaeta salah sahiji rupa tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan nu miboga susunan nu geus maneuh sarta harti nu geus maneuh oge. Nu kaasup kana pakeman basa nyaeta paribasa, babasan, cacandran, kila kila jeung pamali.
Pembahasan
Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Kekecapan nu aya dina paribasa biasa ngagunakeun ragam basa loma. Tapi, paribasa bisa dilarapkeun boh dina ragam basa loma boh dina ragam basa hormat / lemes. Di handap ieu nyaeta harti tina paribasa nu disebutkeun di luhur sarta conto kalimahna:
- Lodong kosong ngelentrung hartina nyaeta jalma anu loba omong tapi pangartina kosong. Conto kalaimahna "Eta Jang Budi mah lodong kosong ngelentrung, loba pisan omong tapi sabenerna mah teu nyaho nanaon"
- Mopo méméh nanggung hartina nyaeta teu sanggup atawa hoream samemeh prak. Conto kalimahna "Sok hidep teh ulah mopo memeh nangung dina nyanghareupan pagawean teh, lamun geus dilakonan mah moal karasa beurat geura"
- Ngarep-ngarep kalangkang heulang hartina nyaeta miharep hiji hal anu kacida banggana jeung susah dina pihasileunana. Conto kalimahna "Geus lah ulah ngarep ngarep kalangkang heulang, mending oge migawe nu geus pasti"
Pelajari lebih lanjut
- Patalina pakeman basa jeung kahirupan sapopoe https://brainly.co.id/tugas/8175337
- Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
- Bedana paribasa jeung babasan https://brainly.co.id/tugas/12436631
__________
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Bab : 3
Kode : 9.13.3
Kata Kunci : Nyieun kalimah tina paribasa Sunda