B. Daerah

Pertanyaan

Jieun kalimat make kecap BEUREUM EUCEUY

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda
    Kelas : - (SD)
    Pembahasan :

    Conto kalimah anu make kecap beureum euceuy nyaeta saperti "sakitu keur tengah poe, eta Neng Heny make baju beureum euceuy kitu". Dina basa Sunda, kecap "euceuy" disebut "kecap pikeun nuduhkeun warna". Conto kecap lianna, salian ti kecap euceuy, anu digunakeun pikeun nuduhkeun warna nyaeta saperti hideung cakeutreuk, hideung meles, koneng umyang, hejo ngagedod, jeung sajabana ti eta.

    Salian ti kecap pikeun nuduhkeun warna, saperti kecap "euceuy", aya oge kecap lianna saperti kecap pikeun nuduhkeun rasa, jeung kecap pikeun nuduhkeun sifat atawa kaayaan. Conto kecap-kecap pikeun nuduhkeun rasa nyaeta saperti amis kareueut, panas nerengtep, seungit melenghir, jeung sajabana ti eta. Sedengkeun conto kecap-kecap pikeun nuduhkeun sifat atawa kaayaan nyaeta saperti herang ngagenyas, poek mongkleng, jeung sajabana ti eta.

    Kalimah basa Sunda "sakitu keur tengah poe, eta Neng Heny make baju beureum euceuy kitu" dina basa Indonesia jadi "meski di siang hari, Neng Heny pakai baju merah menyala begitu".

Pertanyaan Lainnya