B. Daerah

Pertanyaan

Salin kalimah di handap ku cara ngagunakeun basa lemes(hormat)
a.Lamun kuring rek indit ka sakola sok dahar heula
b.Bapa teh geus datang,basa kuring balik sakola
c.Maaf bu kuring rek nanyakeun soal nu hese

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Kelas : - (SD)

    Pembahasan :

    Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta nu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung jalma atawa babaturan anu geus akrab.

    Dina Ragam Basa Hormat / Lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Aturan atawa katangtuan anu ngatur ragam basa Sunda disebut Tatakrama Basa Sunda.

    Di handap ieu nyaeta conto kalimah basa Sunda anu ngagunakeun ragam basa loma jeung ragam basa hormat / lemes, boh basa lemes keur ka sorangan boh basa lemes keur ka batur anu saluhureun atawa anu dipikahormat :

    a. Lamun kuring rek indit ka sakola sok dahar heula (basa loma). Upami abdi bade mios ka sakola sok neda heula (basa lemes)

    b. Bapa teh geus datang, basa kuring balik sakola (basa loma). Pun bapa teh tos sumping, waktos abdi wangsul sakola (basa lemes)

    c. Maaf bu kuring rek nanyakeun soal nu hese (basa loma). Punten bu abdi bade naroskeun soal nu sesah (basa lemes)

    Tatatakrama Basa Sunda teh baheula mah kungsi disebut Undak-usuk Basa Sunda. Dina Undak-usuk Basa Sunda mah kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa, nyaeta genep ragam basa lemes jeung dua ragam basa loma atawa kasar. Tapi kiwari dina Tatakrama Basa Sunda ngan saukur aya dua ragam basa, saperti anu geus dijelaskeun di luhur.

    Kata Kunci : Ragam basa hormat, ragam basa loma

Pertanyaan Lainnya